Wednesday, December 06, 2006

Yuli Rakhmawati



Date: Wed, 6 Dec 2006 06:49:54 -0800 (PST)
From: "Fiyanti Mila"
Add to Address BookAdd to Address Book Add Mobile Alert
Subject: RE: Observasi pendahuluan.
To: "Yuli>

Wilujeng enjing neng Yuli, mugia still going sehat kuat buat sukses ya neng.
Hatur nuhun neng, Alhamdulillah akang sehat kuat lahir bathin.
Teu nanaon nembe ngawaler oge, yaktos neng kantenan sibuk di kantor.
Aeh aeh, dupi neng Yuli teh manuk mana? Basa Sunda na teuing ku lemes.

Wah neng Yuli mah, paling bisa klo bikin hati akang bungangang.
Pujian neng sungguh membuat akang so flatenned pisan geuning neng.
Jadi besar nih kepala akang meski lubang hidung yang jauh lebih besar.
Asal neng puji akang lagi tentu deh kepala akang bisa masuk ke hidung.
Padahal akang mah kebat kebit melang bisi janten gunemcatur sa kantor.
Namanya juga tebak manggis, klo ketebak neng meringis salah tebak akang menangis.
Syukur atuh manawi obervasi akang aya hartosna kanggo salira neng Yuli.
Padahal upami neng nyanggakeun pic closed-up manawi tiasa langkung akurat.
Tapi sanggakeun oge biodata neng Yuli kanggo bahan referensi akang jaga.

Maksad akang iritasi emosi tea nyaeta bilih suasana emosi neng aya matakna kana panghirupan tur kasehatan organ2 vital neng anu baris ngaganggu kana kahirupan pribadi.
Misalna, ari neng tos soson2 nyanggakeun bahan analisa. Teras dipaido ku bos anu nuju sutris pedah dibumina manuk piitna nuju lalungse. Atuh kantenan kahoyong neng Yuli mah ngabeledag weh bakat ku sebel tea ku teu aya koneksitas. Tah ieu pisan anu dipimelang ku akang bilih janten matakna kana karier neng Yuli. Sok komo upami hal ieu dicandak ka rorompok kapan tiasa janten bangbaluh ka sadayana. Kapan neng Yuli tea upami nuju wera cacakanana ucing oge murungkut upami dipancandakeun nyere onaman mah. Hehehe, hampura akang nya neng naha bet janten sedep ngagonjak hoyong ngahudang imut2na neng Yuli anu katingalina mani ambucuy ku amis pisan nyah?

His neng Yuli mah teu kedah paur boh sieun. Gunem akang kapan mung sakedar mamanawian. Profesor doktor anu parantos 7 kali butak ku luhuring elmuna bae tiasa lepat ngahatur diagnostik. Sok komo deui akang anu sakedar kuli pacul bukit Bluwek. Saran akang mah teu aya deui, anggursi guaran deui elmu panemu tur pangalaman hurip hidep. Baca2 deui literatur bari ngeueum sampean dina ember haneut moyan. Kupingkeun rekaman pink-noise sapertos gujlagna sora lambak di Pelabuhan Ratu. Sayagikeun oge brownies kukus Amanda dipirig ku sagelas jus apel boh jeruk.
Beu ambeu, sok sanajan aya mitoha ngalangkung bae moal katingali. Komo deui upami mung sakedar iritasi emosi mah. Baaablas angine. Kituh nya neng Yuli.

Akang tos ceritera kanggo sakedar entertain neng Yuli. Ayeuna gentosan atuh neng. Hoyong terang akang mah dupi neng saha? Waktos dipotret nuju naon? Mun aya mah akang hoyong nampi pic neng anu raksukanana sami sakujur awak sajrutna ti mobil nya neng. Wilih2 tangtos kantenan kacida waasna kanggo dipintonkeun di blog akang tangtos janten rohto wae kanggo paramiarsa blog. Wassalam, akang.

wrote:

Wilujeung siang kang fahmi….kumaha damang….
Aduh punten e-mailna nembe tiasa di waler….mugi di maklum kaleresan nuju sibuk’ di kantor teh.

Hatur nuhun parantos diobservasi…..wah kang fahmi TOP yach…tau azza kalo aku orangnya kadang tergesa2 tapi gimana atuch ya biar tidak begitu….waduhhh kalau iritasi emosi itu makasudnya apa yach?...kok tiba2 jadi merasa takut gini yach….

Mangga ach kang......terusin lagi dong ceritanya….he….he….


Salam,
yuli

No comments: