Wednesday, January 31, 2007

Abah


Date: Tue, 30 Jan 2007 07:06:41 -0800 (PST)
From: "Fahmi Utun"
Add to Address Book Add Mobile Alert
Subject: Re: Blueberry & PPP Stroke
To: "Abah"


Waalaikumsalaam wr wb.
Aduuuhhh abah, haturnuhun laksa kabagja nampi wartos
ti abah. Leres pisan saur abah kana kaayaan Ami. Mung
dalah dikumaha kapan ieu oge bagian tina nasib abdi.
Kantenan kedah dileukeunan wae etang2 nimba elmu panemu.

Har abah, saha atuh jodo abdi anu aya digigireun tea?
Alhamdulillah aya seueur oge sih bah anu gareulis ayu.
Hehehe, hapunten putra nya abah kumawantun ngagonjak.
Atuh dipangduakeun wae ku abah tur ambu supados
pijodoeun abdi aya caket tur gampil cara ndes ka ntis.

Haturnuhun pisan abah ku ujpaya tur bantuan abah kana
usaha kultivasi blueberry. Hatur baktos rewu nuhun
abdi ka oom Alex katut garwana di Australia.
Aduh mugi2 wae kahoyong usaha urang enggal laksana.
Sih kanyaah abah ambu sareng sadayana, diantos yaktos.
Wassalam baktos putra, ami.

--- EMANRAIS TEA wrote:

> Assalamualaikum cep Ami.
> Kumaha damang? Mugi tetap sehat tegar ceria kuat
> lahir bathin nya cep.
> Abah nguping cep Ami keur nandangan kasusah tur
> kapeurih ati.
> Keun wetamah, itung2 pendadaran sumanget sangkan
> hidep tarikolot.
> Anu penting mah ulah bosen2na muntang ka Manten-Na
> Anu Ngayuga.
> Sing inget iraha bae ka Gusti, sangkan hidep
> dipaparin jodo anu hade.
> Abah mah sok boga pikir leutik, tong boa jodo hidep
> teh aya digigireun.
> Ngan pedah hidep sok ngumbar netra bae, makana jodo
> tea teung kajeueung.
> Arek kurang kumaha coba. Jaba geulis ayu, jaba
> koneng enay, jaba intelek.
> Saha tea nya? Tenangkeun we heula pikir, trus ulah
> mindeng teuing nyaba.
> Regepkeun ku hate sanubari. Saha coba anu pang2na
> malire ka hidep tea?
>
> Aya kabar gumbira sangkan jalan ka Bluwek tur
> Nyalindung baris mangrupa.
> Heug guar ku hidep, URL
> http://emanrais.blogspot.com/ Tingali rekaman Chatt
> Abah ka oom Alex di Aussie. Ngeunaan pangayaan bibit
> (seed) Bluieberry ti Aussie.
>
> Engke upami cep Ami bade ka Abah, nyandakan sareng
> neng Nani nya.
> Abah peryogi bade tumaros teknik Hydrtophonic ka
> inyana.
> Sakalian weh urang noong ka jaga. Susuganan pangdua
> Abah diijabah.
> Lieur teu cep? Hehehe, anggap weh tarucing cakra ti
> Abah ka hidep.
> Wassalam, Abah.
> Vide: URL http://tebakmanggis.blogspot.com. Aos PPP
> Stroke.
>

No comments: