Wednesday, June 07, 2006

asih



07 Jun 2006 15:06:59
asih
Tapi kapan Asih masih sok nembang, teras wae dilalancar.
Ambeh sorana halimpu sareng panjang napas, cobi godog 20 lembar dauun seureuh dina cai 2 liter. Sesa cai 3/4na lebetkeun gula batu sacekap amisna weh. Godog bari diaduk sakinten 10 menit teras nagkat, tiiskeun teras siropna lebetkeun kana botol.
Dileueut sadinten 3 sendok makan. Insyallah, soanten garing halimpu jaba tebih tina gangguan batuk ateul tikoro. Sesa daun, disesepan sakedik2 teras diteureuy. Sae kanggo daleman waruga Asih. Sok komo upami kersa ngagodogan 10 lembar daun seureuh dina 5 liter cai kanggu ngaleueut gegentos teh oge kanggo wawasuh tos kahampangan. Ambeh sehat lahior bathin.

Lalakon hurip? Cobi di emut2 naon weh anu karandapan sakaemut.
Teras buka www.bllogger.com. Salajengna Asih midamel buku harian. Tuturkeun piunjukna dugi ka salse. Posting awal mangga serat naon bae. Ajak rencang anu tos ngadamel blogspot. Kedahna mah operator warnet oge tiasa ngabantu. Kanggo conto tingalian URL http://nokdesi.blogspot.com/ atanapi http://pop.blogsome.com/ Kujalan kieu naon wae gurat pengalaman aya tapakna tur tiasa di edit ulang. Tiasa deui ditambihan foto anu ngepas suasananna.Jaba tiasa diaos ku anu sanes, sugan matak kataji taeun naon weh. Kapan namina oge usaha ngajemput milik ti Allah SWT sanes?.


---pesan dari user ini / message from this user---

Kahoyong mah sih engal2 di lamar,.. tp duka atuh nyak..
teu acan aya anu ngalamarna kang.....,
kantos sih dilamar mung boal deui2.....
Ih akang neng sok ngiringan pasanggiri teh
nuju sakola kapungkur ayeuna mah tos langki pisan..
tos sepuh ayeuna mah kang...
bujeng2 ka dapur rekaman..
ach.. seueur pisan lalakona moal cekap pami
di guar didieu...,

No comments: